Tag

 

Bismillah tuturus laku muru gapura rahayu banjaran jatining bagja
Titip tujurus saestu tetep galeng lelembutan nyinglar setan ngusir iblis
Di parsetra ning rasa di pamrih sutining ati neraan ucap jeung lampah
Mangsana nyembah pangabakti ka gusti nu maha suci dina papantunan hirup

Manut lampah hing ibadah sumembah kanu kawasa nabi muhammad utusanana
Rembes sing quran jeung sunah nu ngancik na sanubari
Urang teh asal ti gusti musyrik nyingkir bid’ah nyingkah
Nu tinggal iman jeung taat bumiwa ngagenclang herang
Menclongna herang dumeling marengan tetepna angen mangsa ngambang jalan takwa

Rek mulang kanu kagungan kakasih anu sajati ka anjeunna urang mulang
Reup heula reureuh sakedeung tanya heula eta rasa talek heula eta hate
Dimana ayeuna ngancik rek kamana urang mulang mawa naon gesan balik
Sinah oyag eta letah ku istighfar anu enya ci soca rasa rumasa
Duh gusti nu maha heman mung ka gusti abi nyembah
Ka gusti abi nyaa muntang mugia ieu paneda ku gusti di subagana

Neda di jaring dina ati muga di hampura dosa rumaos abdi rumaos
Rumaos diri teh rujit tobat moal deui-deui abi satrah bade pasrah nyanggakeun badan sakujur
Duh gusti abdi teh tobat ka pangkon ampunan gusti geus cekas rasa rumasa
Hate sering diweweleh badan mindeng di carekah mang arek lampah ge rek ebreh kabeh
Cing sarariak kujur awak ranyut akar-akar buuk berebey ci panon kiceup
Jug nyuuh bari ngagukguk ngoceak jeroning rasa midangdam midangdam dosa

Nyuuh munduh jero kalbu nyampai na jasaning rasa rumasa jeroning ati
bedak na cimata tobat sebeuh ceurik baririhan
mundung rasaning kaduhung ngabedak talaga rasa
nu isak tinggal inghakna hate manteng kanu agung
sanggeusna pangrasa anyar kedal kecap tinu ikhlas kabendung karumaosan
bray soca lahir teh benta lahir ti badan sakujur samudra di setrasari

naon keur panyinglar sedih ati ceurik batin perih tekadkeun kanu kawasa
agama tuduh nu mulya sing getol kanu ibadah lakonan waktu nu lima najan urang loba dosa
asal tobat anu enya tangtu gusti ngahampura